Drama Bahasa Sunda “DIGADEKEUN”

DIGADEKEUN

Rebun-rebun kénéh, Si ilham, adi kuring, geus gujrud. Datangna bari rawah-riwih. Kuring nu kakara hudang, puguh baé kagét.

Mukhtar          : “Aya naon ieu téh?” cékéng téh, bari diharudum kénéh sarung.

Aziz                 :“Cilaka, Kang. Imah Si Abah kabongkaran!”

Mukhtar          :“Kabongkaran?”

Aziz                 :“Enya, bieu téh Si Abah gujrud!”

Mukhtar          :“Naon cenah nu leungit?”

Aziz                 :“Televisi, Kang. Nu berwarna téa. Pinter cenah bangsatna gé, da mani demit naker. Panto euweuh nu rujad, jandela euweuh nu ruksak. Karunya wé, Si Abah nepi ka ngahuleng baé. Lebar tayohna téh!”

Mukhtar          :“Geus lah, montong geruh!” ceuk kuring, bari nitah diuk ka duaan tadi

Aziz                 :“Tong geruh kumaha. Piraku Si Abah meunang musibah, urang cicing baé?”

Mukhtar          :“Déngékeun heula lalakonna. Televisi téh lain ku bangsat, tapi dibawa ku Akang!”

Aziz                 :“Baruk? Naha bet bisa kitu?”

Mukhtar          :“Tangtu baé bisa mah. Kieu lalakonna téh. Apan urang téh butuh duit keur sakola Si Ujang anak akang? Tah ku lantaran urang mah teu boga duit, nya Akang téh ngumaha ka kolot maraneh be. Pédah wé Akang nyaho pisan, Si Abah anyar kénéh tas ngajual sapi. Ngan lantaran Si Abah teu méré, kituna téh bari rada nyarékan, kapaksa Akang maké cara kasar?”

Aziz                 :“Teungteuingeun Akang mah. Doraka geura!”

Mukhtar          :“His da ieu mah kapoékan ngaranna, bonganna atuh Si Abah teu méré nginjeum. Coba lamun béréhan ka Akang. Geus ayeuna mah jempling wéh. Engké mun boga milik, televisi téh urang gantian deui!”

Aziz                 :“Asa teu kaharti!”

Mukhtar          :“Kudu kaharti, da ieu mah hubunganana jeung pangabutuh,”

Aziz                 :“Terus rék kumahakeun éta televisi téh?”

Mukhtar          :“Ayeuna ku Akang rek dibawa ka pakgadé!”

Aziz                 :“Rék digadékeun!”

Mukhtar          :“Enya,”

Aziz                 :“Teu rido Urangmah kang!”

Mukhtar          :“His, kudu rido, da ieu mah keur kapentingan anak urang. Ambéh budak jadi pinter, jadi jelema jeneng, henteu bodo kawas Akang!”

Aziz                 :“Gandéng, ah. Jung baé rék digadékeun mah. Ngan mun kapanggih, ulah mamawa ka Urang”

Mukhtar          :“Moal atuh. Ieu mah tanggung jawab Akang. Geus kagok atuda, lamun dibikeun deui ka Si Abah, sarua jeung ngawiwirang sorangan!”.

Teu pati lila siaziz indit ka pakadean si ilham

Ilham               :“Aéh,  KaiMukhtar geuning. Rék naon ulin ka dieu!”

Mukhtar          :“Rék naon deui atuh, ari lain butuh duit mah!” ceuk kuring bari ngadeukeutan.

Ilham               :“Rék ngagadékeun?”

Mukhtar          “Enya, ieu boga televisi. Butuh keur sakola budak puguh gé. Geus lila digawé di dieu?”

Ilham   :“Kakara gé sataun!”

Mukhtar          :“Kumaha ieu téh prosesna, da kuring mah can apal!”

Ilham               :“Can kungsi kitu ulin ka dieu?”

Mukhtar          :“Ah, rék naon, da kuring mah tara guda-gade, ieu ogé awahing kapaksa!”

Ilham               :“Babari atuh. Tinggal bawa barangna ka dieu, naon anu rék digadékeun téh?”

Mukhtar          :“Enya televisi,”

Ilham               :“Engké ku kuring barangna di taksir, sabaraha pantesna,”

Mukhtar          :“Euh, jadi kudu dibawa ka dieu, nya. Kumaha lamun nu digadékeunana sawah, naha sawahna kudu dibawa ka dieu?”

Ilham               :“Geus lah, montong heureuy. Mana barangna?”

Mukhtar          :“Tah, ieu!” ceuk kuring bari nembongkeun televisi. “Ari kahayang mah, bisa nepi ka sapuluh juta. Sugan wé tina ngagadekeun televisi bisa kabeuli motor,”

Ilham               :“Moal bisa atuh. Ieu mah paling oge 200 rebu!”

Mukhtar          :“Har, naha murah-murah teuing?”

Ilham               :“Enya, da televisi 14 in bari euweuh rémotan mah, sakitu pasaranana,”

Mukhtar          :“Kudu sakitu baé?”

Ilham               :“Enya,”

Mukhtar          :“Keun baé atuh. Kumaha lamun engké henteu katebus?”

Ilham               “Tah, lamun teu katebus opat bulan, engké ku kuring dibéjaan heula, saméméh datang waktuna lélang,”

Mukhtar          :“Kieu wé kuring mah. Pék éta televisi rawatan, ka dieu ménta duit 400 rebu. Kuring mah moal datang deui ka dieu,”

Ilham               :“Har, atuh lain gé digadékeun. Dijual meureun éta mah. Geus lah, 200 rébu wéh. Kumaha engké wé urusanana mah, kawas lain jeung babaturan,”

Mukhtar          :“Kitu hadé atuh!”

Geus créng dibayar mah, kuring gagancangan balik, bari teu poho luak-lieuk bisa aya nu wawuh.

*

Kaparengan boga milik, ka 3 poean télévisi téh katebus deui. Isukna, sabada nyokot televisi téa, kuring jeung si ilham  dicalukan ku Si Abah. Rada reuwas mimitina mah.

Abah               :“Ka dieu ujang, Abah rék ngadongéng!” ceuk abah, bari ngelepus udud padudan. “Rada anéh Abah téh. 3 poe  katukang televisi Abah aya maling. Naha ari ayeuna geus aya deui dina méja. Teu kaharti!”

Azis Jeung Mukhtar :“Nu leres, Bah?” api-api teu apal.

Abah               :“Enya. Ngan anu matak kaget téh, dina televisi aya keretas anu make cap pakgadé. Sigana ku bangsat digadékeun, terus dipulangkeun deui!”

Mukhtar          :“Panginten,”

Abah               :“Anu leuwih anéh, barang éta télévisi disetél, bet katémbongna bangsatna keur mawa televisi ka pakgadé. Basa disidik-sidik, geuning bangsatna téh bet siga …. manéh!” ceuk Si Abah bari nunjuk ka si ajis. Gebeg téh, naha ti saha apaleunana? Pasti si ilham anu bébéjana. Kasebelan boga adi teh.

Abah               :“Kamari Abah leungit sarung, pasti ku manéh digadékeun. Jung geura tebus!”

Mukhtar          :“Teu rumasa ari sarung mah, Bah!”

Abah               :“Hayam Abah gé dipaling, nya?”

Mukhtar          :“His, ulah tadah-tuduh kitu, Bah. Kuring mah ngan nginjeum televisi wungkul. Bonganna basa Abah ngajual sapi, mani teu ngécrétan ka minantu!”

Bungsu            : “Sarung mah dijual ku abi ka Pa Érte. Dianggo mayar listrik.

Abah               :“Hih, lain bébéja atuh. Ari hayam?”

Bungsu            :“Har, apan ku Abah dipeuncit. Abah deuih nu ngadaharna gé!”

Abah               :“terus Tadi téh dewek ka sawah landeuh. Rada kaget euy, naha bet aya Pa Érté keur macul di sawah Abah. Mun keur kuli, da henteu rumasa nitah. Naon urusanana deuih, mangmaculkeun sawah batur!”

Azis                 :“Teras kumaha, Bah?”

Abah               :“Silaing deui baé geuning nu boga gawéna téh!” pokna bari muncereng.

Mukhtar          :“Muhun, Bah. Sawah téh digadékeun ka Pa Érté, keur nebus televisi téa!”

Abah               :“Kasebelan. Cik atuh ka kolot téh, mani taya euih-euihna. Tapi da ayeuna mah geus ditebus deui ku Abah!”

Mukhtar          :“Étah, geuning?”

Abah               :“Geus ayeuna mah, mun aya pangabutuh montong maling-maling tukangeun. Nyarita ka Abah, naon héséna!”

Mukhtar          :“Tuh, nya!” ceuk kuring bari ngarérét ka si ilham.

 

 

 

About these ads

Tentang Bang Akil

saat masa depan mengejar kita,,,hidup merdeka dalam setiap peristiwa

Posted on 2 Maret 2012, in Drama. Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: